23 Nov 2014

KATRESNA AKANG

Ato Suharto

Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman,
moal leeh ku serabna panon poe
najan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjang
cinta akang moal gedag ku panggoda wanoja

Nyai..., cinta akang nu sajati
satungtung anjeun satuhu
nyumponan kawajiban ka caroge
akang moal rek lanca linci luncat mulang

Nyai..., pupunden hate akang
tong rempan sanajan urang paanggang
cinta akang lain ngan ukur kalangkang
clik putih clak herang tresna akang ngan ukur anjeun

Nyai..., citresna akang nu utama
kabagjaan nu ku urang ayeuna dirasa
omat ulah nepi ka dirogahala
kupangbibita dunya nu moal pasti sampurna

Nyai..., bojo akang anu geulis
sing tarapti ngajaga diri
sangkan urang tetep waluya
dina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang

Cunggelik Rasa

 
 Ato Suharto

Cunggelik hate na lamunan
milang kalangkang kahayang
hariwang tresna ngaringkang ilang
Mun ilang tinangtu kuring ringrang sumoreang
 
Hariwang hate na sawangan
Mun ngababade anjeun bebende
Sadar kana waruga kuring ayeuna
Anjeun ngolemar lantaran teu sababad na rupa
 
Jungjunan nu jauh na lamunan
Anggang dina pangharepan
Sok inggis sulaya nyata
duriat singray ngajauhan

22 Nov 2014

Cinta Manehna

                                                                                              

  Ato Suharto
 
Nyawang mangsa katukang
Mangsa munggaran urang patepung
Sumeredet rasa lir diseureud bangbara
Panas tiris nyaliara
Mun neuteup sorot manehna

Bagjana mangsa harita
Teu kaukur ku mangrupa harta
Tatali asih meungkeut matri
Janji saati moal sulaya

Tapi na mangsa katiga gening teu nyana
Pasini ati buyar laas ku panas 
Cinta peunggas dina dahan nu ragas
Rungkad samemeh ngajadi buah

Sihoreng jaman teh cukang
Panyambung rungkang kasatiaan
Anjeun peureum miceun pasini
Lantaran serab ku banda tatangga
Ayeuna kuring cangcaya
Kana cinta nu tulen nyatana

8 Nov 2014

KALANGKANG KAHAYANG



Karya : Ato Suharto

I

Udud geus meh beak sabungkus,
kopi sabekong geus ngorotan kosong..
panon masih molotot teu pedot,
neuteup anteb kalangkang kahayang..
niat ngan ukur bati ngorejat..
guguling nu geus bau munding,
antupna jadi batur kuring ngahariring peuting..


II

Nyai...
naha anjeun bisa surti?
yen peuting kiwari akang muringis nahan tiris..
si utun jamedud euweuh nu ngrurut...
rasa teu puguh cabak..
nahan kahayang nu hese kahontal


III

Kalangkang teu sirna terus gugupay...
ngalelewe raga nu teu puguh rasa...
citresna nempel dina bantal...
ngajirim jadi gambar kadal...


IV

Panutan akang anu lenjang
Enggal mulih akang ringrang
Unggal wengi akang nganti
Tanda asih nu pageuh pasti
Iraha atuh jantena?
Neang akang nu nuju gundam
Gundam katresnan nyai nu lenjang