20 Jan 2015

Hibar Rasa





Ato Paskal

Hibar rasa nu kuanjeun dibawa
Nepi kiwari masih nyanggreud
Meulit pikir meungkeut kageugeut
Najan halimun hieum nyimutan katresna anjeun

Moal gedag hamo bakal rungkad
Sanajan hujan harungan nyimbeuhan akang
Moal laas hamo rek peunggas
Sanajan katresna anjeun ayeuna ngaragas

Hampura Mayang!
Mun akang keukeuh nyimpen harepan
Da bongan anjeun geus neundeun janji
Janji asih nu wening asli
Nepi kiwari na ati masih matri ngahiji

16 Jan 2015

Kembanng Katresna Ilang

 
Ato Paskal
 
Hariring nu kamari masih natra
Ngahaleang dina rasa, 
Nyimbeuhan kasimpe hate,
Melarkeun kembang katresna
Nyangreut dina janji nu kungsi kuanjeun dikedal

Hariring nu ayeuna dirasa
Silung maseuhan kasimpe hate,
Mareuman  gedurna seuneu katresna
Udar cidra kecap nu kungsi kuanjeun diucap

Hariring urang kiwari tinggal carita
Mirig ati perih, nyeset hate nalangsa
Haleuanng katineung euntreup
Ngabeungkeud tembang nu ilang

Can wasa kuring narima
Najan alesan geus jelas natra
Yen urang masih pada - pada aya nu boga

Hampura akang Mayang
Mun tresna akang ka anjeun
Hese rek laas ilang
Da bongan anjeun geus mere harepan




11 Jan 2015

Anjeun Linci


Ato Paskal

Kahayang tinggal kalangkang
Niti nganci nincak ngimpi
Hamo nete jadi kanyataan
Simpay kaasih geus ngajirim jadi lamunan

Karisi beuki meulit na ati
Karempan ngajalar dina lamunan
Kahayang hamo jadi tinekanan
Ngolemar anjeun kiwari neunteup

Teuing timana asalana
Gentrengna kacapi nu nurihan ati
Ngawirahma katresna anjeun nu silung
Datang teu puguh asalna timana
Duriat nu kungsi natrat
Ngaranggeuy runtuyan asih
Bangbaluh kalbu ropoh jeung lungse
Sajorelat ilang na implengan
Tetela kecap ngatog, ngarampa tresna

Anjeun linci...

Samagaha Katresna


Ato Paskal
 
Kacida rongkahna rasa
Mun ingat kana rindatna duriat
Nyeredet hate ting sereset
Nyimbeuh sukma ati nalangsa

Dilak katresna pageuh entreup
Neuteup seukeut nembus  jajantung.
Ngahudang ringrang pinuh kamelang
Samagaha tresna inggis ngajadi

Asih urang nu can lila ligar
Kiwari meh peunggas katebak lantaran
Kaduhung hamo bakal manggih tungtung?
Anjeun pundung asa katundung

Asih urang kungsi ngabukti
Lain ngan ukur catur nu ngalantur
Anjeun kungsi wakca
Moal gedag ku ombak 
Moal galideur najan bakal nyorang harungan

Geulis....
Hampura akang!!!
Katresna akang
Salawasna moal ilang

Cinta terlarang yang nyaris hilang


                                                                         Ato Paskal

Tak sanggup untuk kupahami
Mulanya berjalan biasa saja
Cintaku kau sambut lembut
Penuh kasih dan tulus sayang
Tak kuasa ku menahan
Memaknai fakta yang kini kurasa
Cinta yang begitu besar
Kau hancurkan dengan mudah
Semudah kau singgah
Tak kuasa kuterima
Sebab cintamu sudah terlanjur berlabuh
Didasar hatiku yang paling dalam
Aku hanya menunggu takdir
Takdir yang terbaik dari-Nya.

Kerinduan


                                                                        Ato Paskal

Malam ini tanpa candamu
Malam ini tanpa pula manjamu
Malam ini rinduku masih utuh
Walau senyummu tak lagi kunikmati
Cintaku akan tetap ada
Aku akan selalu merindumu
Mencintai, menantimu
Itulah aku....
Aku akan terus merindumu
Meski itu mungkin sulit
Tanpa adanya ikhlasmu dan ridhoNya.....