11 Jan 2015

Anjeun Linci


Ato Paskal

Kahayang tinggal kalangkang
Niti nganci nincak ngimpi
Hamo nete jadi kanyataan
Simpay kaasih geus ngajirim jadi lamunan

Karisi beuki meulit na ati
Karempan ngajalar dina lamunan
Kahayang hamo jadi tinekanan
Ngolemar anjeun kiwari neunteup

Teuing timana asalana
Gentrengna kacapi nu nurihan ati
Ngawirahma katresna anjeun nu silung
Datang teu puguh asalna timana
Duriat nu kungsi natrat
Ngaranggeuy runtuyan asih
Bangbaluh kalbu ropoh jeung lungse
Sajorelat ilang na implengan
Tetela kecap ngatog, ngarampa tresna

Anjeun linci...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kritik dan saran sangat saya harapkan, bila berkenan tulisan ini bisa dipublikasikan/dtulis kembali asalkan nama pengarang ditulis kembali