27 Nov 2010

SAJAK & PANTUN SUNDA

SAMPURASUN  :

Wiluje'ng tepang, mugia seratan nu baris dipedar janten pangbeberah manah, eta ge manawi bahan katampi, sapalih seratan aya karya anu sanes, naging aya nu teu terang namina, nu kagungan seratan mugia jembar manah, teu aya maksad ngabajak, estu clik putih clak herang simkuring hoyong nanjeurkeun budaya sunda nu kiwari tos dipihilap kusdapalih urang sunda, pami aya kritik sareng saran ku simkuring diantos, hatur nuhun. 

SAJAK


BANDA

Bagja....
Guligah rasa teu kagambar ku mangrupa sagala
Tatali asih beuki matri
Ka Agungan Illahi ngabukti ku lahirna jabang bayi
Banda nu leuwih nyata ti batan harta
Mugia banda nu kukula katampa, jadi Cukang Rahmat nu Maha Kawasa [Allah]
Amin...

HAMPURA NYAI


-->Nyai hampura akang
Ne'pi kadange't ayeuna can bisa nyuge'makeun anjeun
Lain teu hayang, tapi dalah dikumaha
waruga can bisa ngahontal rancana nu geus dipe'dar tianggalna
Tapi sing percaya nu maha suci bakal we'las tur asih
kabagjaan bakal kahontal, asal sabar nandangan cobaan nu ku urang ka alaman
Amin...

PAMINGPIN 

Peuting....
Je'mplingna mepende hate nupinuh ku galur nu can kaukur
Jangji ngawur nu dilaluhur ngan ukur rahul, ge'de wadul
Rahayat malarat ta'ya saurang ge nu ngorejat
Mugiya gusti nu mahaning asih tiasa ngageuing pamimpin nu teu acan eling
Amin...






-->LEMAH CAI KURING

Lemah cai kuring
Nagri endah asri
Sugih cacah jiwa, bahan lubak libuk
Sim kurin tresna miwah nyaah ka lemah cai
Pribadi kuring suka…
Kuring betah di bali geusan ngajadi 

[ Sajak si Kabayan ]


PANTUN 

Aya roda na tanjakan, katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan, katinggang ku pohpor banpol

Batok kohok wadah huut, meuli eunteung jang bikeuneun
Budak montok gede hitut, nyeri beuteung, jeungjeuriheun





Kembang cula kembang tanjung, kembang sagala domdoman
Rek sabulan rek sataun,  moal weleh diantosan..
[ Hendripamungkasred ]

Mulung tanjung tengah gunung, meunang cangkilung saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun, ceunah nulung malah rahul 

Pedah kuring kuralang kuriling, ucing ge'ring ngahariring
Tengah peuting jempaling jempling, kuring nyaring hayang ngising

Hayu mupu tiwu, ohan malah mobok pagu
Huntu linu murukusaunu, bongan tara ngosok huntu

Ka Jampang mawa pakarang, ajang pe'rang makalangan
Ka akang naha sale'mpang, akang sayang ngan ka yayang

Kaso pondok kaso panjang, kaso ngaroyong ka mimbar
Sono mondok sono nganjang, sono ngaloyor ka kamar

Saha we nu bade nyangke, kamari abdi nu ngajagi
Bebende nu hade hate, pamatri ati nu sajati

Colenak enak dicocol, Komo mun tambah kalapa
Beletak pitak ditakol , Poho mun sirah mitoha ..... Hampura abah teu dihaja!!! 

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu, laun-laun nya dilebok..
[ Herdipamungkasred ] 

Rincik rincang rincik rincang, aya roda na tanjakan
Sidik pisan sidik pisan, nyai teh bogoh ka akang..
[ Herdipamungkasred]

Cikaracak ninggan batu, Laun-laun jadi legok
Nincak ruhak dina batu,Laun-laun ngagorowok  

Budak leutik bisa ngapung, Eta kalong ngrana
Botak saeutik jiga celempung, Asa hoyong ngarampa   

Iwung bungkulna maju, nangka tangkalna dibabad
Indung tunggul rahayu, Bapak tangkal darajat

Daun hiris dibeungkeutan, dibawa ka juru leuiit
Anu geulis ngadeukeutan hayangeun dibere duit

Opat baris salah nyambung, mun tukang kakara ngabangun
Omat geulis ulah pundung, mun akang kapaksa nyandung

Aya listrik di masigit, caangna kamana - mana
Aya istri jangkung alit, hanyakal geuning waria

kaso pondok kaso panjang..
kaso ngaroyom ka jalan..
sono momdok sono nganjang..
sono ngaolongok nu lenjang...

rinik rincang rincik rincang..
cikajang sawahna neunggang..
siik pisan sidik pisan..
si ujang sirahna herang...

ka suralaya dagang mukena..
si ujang meuli keur si nini..
kasalira akang micinta..
siang wengi ka impi impi..

kamana ngaitkeun kincir...
ka wanayasa jalan sadang..
kasaha ngaitkeun pikir..
ka nu ngora urang sumedang..

ka sumedang dagang pita...
ka cilondok dagang kacang
kanu lenjang akang cinta..
kanu denok akang sayang..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kritik dan saran sangat saya harapkan, bila berkenan tulisan ini bisa dipublikasikan/dtulis kembali asalkan nama pengarang ditulis kembali